raka`s production

Selasa, 19 Februari 2013

PENGERTIAN KI URAT(b.sunda)


Ki-urat, Ki Urat, atawa Ceuli Uncal (Plantago major) nyaéta hiji spésiés Plantago, kulawarga Plantaginaceae, pituin Éropa jeung Asia tengah jeung kalér[1][2][3], ngan di mana-mana geus dinaturasi, sahingga geus dianggap tutuwuhan liar biasa[4].
Ki Urat téh tutuwuhan terna taunan, ngarandakah kalawan diaméter 15-30 cm. Daunna lonyod, ukuran panjang 5-20 cm sarta lébar 4-9 cm, tapi kadang bisa nepi ka 30 cm panjang/17 cm lébar; urat daunna aya 5-9. Kembangna leutik, kelirna coklat semu héjo, kalawan benang sari kelir bungur[5][3].
Ki Urat kabagi kana tilu subspésiés:[2]
  • Plantago major subsp. major.
  • Plantago major subsp. intermedia (DC.) Arcang.
  • Plantago major subsp. winteri (Wirtg.) W.Ludw.

[édit]Ékologi

Ki urat bisa tumuwuh sampurna dina taneuh anu padet/teuas, sahingga sok katempo liar di sisi jalan, trotoar, jeung sisi témbok. Sok komo ari di pakebonan mah, alatan penyerbukanana dibantuan ku angin[5].

[édit]Mangpaat

Siki kiurat biasa kapanggih dina séréal, sabab di kebon-kebon ieu tutuwuhan téhngagalaksak[4]. Di bawa ka Amérika Kalér nalika kolonisasi ku bangsa Éropa. Urang Amérika pituin nyebutna "Tapak Jalma Bulé", sabab aya di mana waé aya urang bulé[6].
Daun kiurat bisa didahar, utamana nu ngora, malah sok dipaké natambaan kasakit. Di antarana waé pikeun ngubaran tatu[7]. Kiurat dina basa Inggris, di antarana dipikawanoh maké sebutan Broadleaf Plantain, Broad-leaved Plantain, Cart Track Plant, Dooryard Plantain, Greater Plantago, Healing Blade, Hen Plant, Lambs Foot, Roadweed, Roundleaf Plantain, Waybread, Wayside Plantain, White Man's Foot[8].

1 komentar: